Jumat, 23 November 2012

Carpon Sunda


 Babaturan Anu Nunda Rusiah
 Kuring boga babaturan anu geus kuring wawuh ti kelas 8 SMP.Kuring wawuh ka manéhna dina waktu babaturan kuring keur ngawongkong jeung manéhna.Kuring  kaluar ti kelas,geus kitu urang nempo babaturan kuring ngawangkong jeung manéhna .Saeunggeus kitu, kuring ngadéngé wangkongan babaturan kuring nyaéta ngomongkeun masalah pelajaran Matematika.Geus kitu kuring diwawuhkeun ka manéhna ku babaturan kuring.Babaturan anu diwawuhkeun ku babaturan kuring ngarana nyaéta Julian kelas 8.
Saeunggeus diwawuhkeu,kuring unggal poé ngawangkon jeung manéhna.Kuring poho teu méré nyaho ngaran kuring ,kenalkeun ngaran kuring Jenul Humaédilah,biasa babaturan nyébut Jaenul.Ayeuna kuring kelas XI IPA 5 ti SMA S 1 Leuwiliang.Kuring sakola SMP ti SMPN 1 Cibungbulang.Sakitu waé kenalanna ti sim kuring.Kuring lanjutkeun carita ti luhur.
Lila-lila kuring jadi deukeut jeung manéhna,malah manéhna ménta nomor Hp kuring pikeun nanya pelajaran.Sim kuring nganggeup manéhna babaturan kuring anu bisa ngartikeun kuring, jeung sok mérémotivasi ka kuring lamun aya masalah.
Dina hiji poé,aya hal anu ku kuring teu kaharti,kuring ngarasa manéhna ngajauh ti kuring.Biasana mah manéhna sok nyampeur ka kelas kuring pikeun ka kantin babarengan.Tapi makin kadieu manéhna malah jadi ngajauhan kuring.Kuring pernah nanya ka manéehna,kunaon jadi béda  sikapna ka kuring.Biasana mah sok ngajakan ngawangkong,tapiayeunamah heunteu.Tapi malah ngajawab keur loba pagawéan.Kuring ngartikeun manéhna,tapi kunaon manéhna teu bisa ngajelaskeun kunaon sms ti kuring tara di bales?
Poé  ganti poé,manéhna kos teu wawuh ka kuring deui,kusabab kuringnanya pasti dijawab loba pagawéan.Padahal mah ceuk babaturan kuring anu sakelas jeung manéhna teu aya tugas anu hararésé.Tapi,kunaon manéhna  sok alesan loba pagawéan?Kuring nanya dina sms,”Julian kunaon lamun ditanya pasti ngajawabna keur loba pagawéan waé?.”Tapi manéhna teu ngabales SMS ti kuring,padahal mahlamun kuring SMS di bales waé.
Kuring mingkinan teu ngarti kunaon Julian jad  kos kie?Kuring mikir,apa aya salah na omongan kuring kamanéhna?Kuring nanya deui dina SMS”Julian lamun kuring boga salah,kuring ménta maaf,kuring teu nyaho kuring salah naon?.”Geus kitu manéhna nagbales,”Arek naon ménta maaf,pan Jae mah teu boga salah ka kuring.”Kuring ngajawab,” atuh kunaon manéh jadi kieu sikapna ka kuring?
Kuring lila nungguan balesan ti manéhna,geus kitu manéhna ngabales,”Kusabab hiji rhasia.”Kuring makin teu ngarti rahasia naon?Kuring nanya deui,”Rahasia naon Julian?”Tapi manéhna teu ngabales deui SMS ti kuring.Padahal kuring hayang nyaho rusiah naon anu di omongkeun ku Julian.
Kuring langsung nanya ka manéhna ti sakolaan,tapi manéhna malah seuri ka kuring.Tos kitu manéhna   indit ninggalkeun kuring,kuring geus nanya babaraha kali,tapi tara dijawab.Kuring ngarasa bingung kamanéhna.Tapi lamun ieu kahayang manéhna,kuring ikhlas.Teupi ayeuna kuring teu nyaho alesan manéhna jadi kitu ka kuring.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar